Wednesday, 17 September 2014

Artikel Sunda



Artikelbagus.com – Artikel sunda sangat sulit untuk dimengerti karena kalau Anda mencari di Internet, maka yang akan ditampilkan sekumpulan artikel yang berbahasa Sunda. Sehingga bagi orang yang bukan asli Sunda atau tidak mengerti bahasa Sunda akan sulit dibaca seperti baca bahasa “burung-burung”. Berikut ini beberapa artikel sunda yang saya kumpulkan. 
 
Mama Haji Sulaeman 
Sumay by : Kang Warsa

Tapi, lamun nini geus cumarita, panon anu geus cepel ogé ngadak-ngadak muka deui. Geus puguh ceuli mah direbingkeun, da hayang jéntré ngadéngé carita ti anu jadi nini. Listrik geus aya, ngan teuing kunaon, anu jadi aki leuwih resep maké batu batré tibatan listrik keur ngahurungkeun radio téh.
Ti baheula, Sukabumi téh nelah kota santri. Sawaréhna ngadon ngaréndong di masigit atawa di pondok anu diwangun gigireun masigit. Wanci  janari leutik, hawa meujeuhna tiis, simpé, anu maca Qur’an laun ogé teu weleh kadéngé, geus puguh lamun anu macana réang mah. Zaman kiwari mah kuring asa anéh, tong boroning jalma, dalah anu ngaranna hayam ogé kongkorongokna téh geus teu tangtu, teuing sugan hayam geus jarang? Meureun matak kieu ogé aya anu salah.

Ceuk nini, Ajengan anu dipikasérab, boh ku Walanda ogé ku masarakat wewengkon Balandongan nyaéta Mama Haji Sulaeman. Anu séjén ngomongkeun boga élmu saépi angin. Keun teu kudu dicaritakeun masalah bisa ngaleungit atawa henteuna mah, anu puguh mah naon anu jadi kasang tukang, Mama Haji nepi ka dipikasérab ku jalma-jalma.?

Dipikasérabna jalma sarimbag jeung élmu anu dipimilik ku éta jalma. Ngan teu cukup nepi ka dinya, élmu anu dipimilik téh kudu bener-bener ngajirim jadi tingkah laku anu nyata. Élmu anu dipimilik éstu dibuktikeun ku amalan-amalan anu nyata. Lamun ceuk agama, jalma téh kudu hormat ka sasama, meureun hormat ka sasama téh lain saukur caritaan dina paimbaran wungkul , ogé diréalisasikeun dina réngkak paripolah. Kaikhlasan ieu jigana anu jadi matak, nerapna élmu anu diajarkeun ku Mama Haji ka para santrina. Kaikhlasan ieu anu jadi matak dipikasérabna Mama haji ku balaréa.

Ceuk Walter Lippman, tindakan jalma-jalma anu ikhlas ieu, anu bisa ngahirupkeun sumanget jalma-jalma letoy, hal anu  mustahil bisa jadi teu mustahil.Contona: asa jauh langit ka taneuh, bangsa urang anu ngan saukur ngagunakeun bambu runcing bisa merangan Walanda anu marawa bedil, merieum, kapal tempur, tank baja, jeung bom. Ku kaikhlasan mah, ku ngucapkeun ALLAHU AKBAR ogé, jalma-jalma anu teu dahar sapopoé bisa ngawujud jadi singa di médan laga. Antukna, ceuk Lippman kénéh, lamun kaikhlasan geus jadi motivasi hiji bangsa: Bangsa anu geus leungiteun kayakinan dina sagala hal téh bakal manggihan deui rasa percaya kana dirina sorangan.”

Lain Mama Haji Sulaeman wungkul meureun anu boga sifat éta téh, ogé diturutan ku rahayat séjénna, sok sanajan teu saeutik meureun dina zaman Walanda ogé aya bangsa urang anu nyokot  untung tina énténg, ngakhiatan bangsa sorangan , ngajual harga diri ka panjajah keur kasenangan diri, kulawarga, jeung kanca-kancana. Sabab, taneuh anu ku urang ditincak, cai hujan anu ngaguyur bumi, emas anu ku urang dikeduk, lain warung, lain Toko, lain tempat jual beuli barang loakan. Tapi milik Anu Maha Kawasa.

Tungtung Zaman
Dina gawir Anu lungkawing. Lamun teu boga cara pikir anyar, geus tangtu katinggaleun ku batur anu cara pikirna aranyar. Asa patojainyah pisan, zaman sing sarwa anyar tapi ku kuring disebut zaman akhir. Lamun niténan sajarah manusa kalayan tenget, sabenerna, hirup jeung sajarah manusa teu bisa dipisah-pisah, direcah kawas urang nyiksikan daging, ti mimiti sajarah manusa aya, ti mimiti seratan dipikawanoh ku manusa anu disebut zaman sajarah téa, nepi ka danget kiwari kudu disajajarkeun kalawan bener. Pentingna nyayahokeun sajarah téh lain saukur keur nambahan pangarti, tapi aya hal séjén, ku ngartina urang kana sajarah kahirupan manusa, bakal muka diri urang, lamun zaman ti mimiti aya manusa nepi ka danget ayeuna téh, éstu hiji mata ranté anu teu bisa misah. Kuring kumawani nyerat, lamun zaman anu ayeuna ku urang keur dicicingan mangrupa zaman akhir, gawir anu lungkawing, lain pédah nyanyahoan, tapi teu leupas tina hiji  kayakinan, lamun sagala anu fana geus tangtu bakal manggih tungtung.

Tapi sing inget, da anu ngaranna kolonialisasi jeung impérialisasi mah teu saukur dialaman ku zaman pasca révolusi industri wungkul, kahayang manusa  ngumawasa ka manusa séjénna geus lumangsung jauh saméméh zaman modérn. Dina mangsana, manusa bakal jadi siga robot anu aya dina hiji kotak, dikumpulkeun ku anu bogana, terus dicocoo sakahayang manéh. Manusa ngan jadi saukur barisan data, ngaran anu dipajang dina papan data, dipaksa sangkan nyabut jatidiri anu sajati, urang Sunda bakal kapaksa ngaleupaskeun kasundaanna da keur ngudag batur anu geus nyaluyukeun manéh jeung zaman.  Da dina zaman akhir mah moralitas geus moal laku. Anu laku di dieu mah nyaéta populéritas.

Hartina, pola pikir urang geus pakem, ngan saukur ngandelkeun kognitif wungkul, atuh kusabab anu digugulung téh kognitif, geus tangtu anu dikaluarkeun ku diri urang ogé hal anu kudu loyog jeung pikiran urang. Lain pikiran murni, tapi pikiran anu geus dibaruang ku kaayaan. Lain hartina kuring teu percana kana humanisme, da humanisme anu sabenerna mah ngajarkeun lamun manusa téh sabagé puseur kakawasaan, hirup jalma ditangtukeun ku éta jalma. Miceun hal-hal anu métafisik tina kahirupan.

Kusabab kognitif anu digugulung jeung diajén-ajén, balukarna anu diajén-ajén, diadén-adén, diménak-ménak téh lain saukur eusi sirah, tapi raga badag anu katénjo wungkul, lahiriah anu karampa. Titél anu nyantél, status sosial, jeung jabatan anu jadi ukuran manusa boga harkat di hareupeun manusa séjénna.
Toffler bisa jadi hiji jalma anu boga kayakinan, lamun hirupa manusa téh bakal salilana ngajurus kana kamajuan. Da anu ngaranna ngaramalkeun mangsa ka hareup mah hiji hal anu mustahil. Lamun manusa geus dialeutkeun ngan saukur barisan data anu minuhan papan data, computer, robot bari teu boga haté, anu bakal digugulung téh kumaha carana ngéléhkeun anu séjén. Pasanggiri anu dimeunangkeun ku agama ngan saukur tina kaalusan, tapi lamun haté geus dicabut tina kahirupan, pasanggiri anu lumangsung nyaéta, kumaha carana sangkan urang anu meunang sorangan, dina éléhna ogé urang moal narima.



Kata Kunci :

artikel bahasa sunda,artikel sunda,contoh artikel bahasa sunda,conto artikel basa sunda,contoh artikel basa sunda,contoh artikel sunda,Artikel basa sunda,contoh artikel dalam bahasa sunda,pengertian artikel bahasa sunda,artikel b sunda

Related Posts to "Artikel Sunda"

Response on "Artikel Sunda"

Muhammad Risalon Google+